Unsur Intrinsik Novel Si Bedog Panjang




  A.   Unsur intrinsik novel

1.
Téma
:
Katerpaksaan
2.
Galur
:
Mérélé
3.
Amanah
:
Ulah sok gorѐng sangka ka batur, sanajan jalmana siga jalma jahat, tapi can tangtu ѐta  tѐh jalma anu jahat.
4.
Palaku
:
Yunus, Sunarya, Ki Sadiman, Juragan M, Mag Murnasim, Barudak, Mang Jongos, Mang Jalil, Winarya, Juragan Sunda, Nini Sunarya, Hari, Mang Mandor, Mang Jadil.
5.
Latar/setting
:
Tempat: Setatsion Sѐrang,Kantor, balѐ rѐkrѐasi, bioskop Banten-Park, tukangeun asrama, imah nini sunarnya di Lѐmbang, leuweung, imah mang jalil, setatsion Bandung, asrama (kamar Sunarya, kamar Yunus, hereupeun kamar Yunus).

Waktu : Saptu jam 6 sorѐ, malem minggu, peuting, isuk, sareupna.
6.
Gaya basa
:
Ngagunakeun basa sunda sapopoe


Ringkesan Carita

   Poѐ Saptu jam 6 sorѐ, di setatsion Sѐrang aya saurang budak lalaki nu diuk sorangan, manѐhna katingal sedih jeung bingung. Harita di setatsion tos tiiseun. Teu lila datang 2 urang jajaka, nyaѐta Yunus jeung Cѐcѐ. Yunus sareng Cѐcѐ dipiwarang ku Tuan Dirѐktur kanggo ngajemput Winarya, murid anyar tѐa. Tapi Winarya alimeun, pokna tѐh sieun cenah. Sieun kabitur, sieun kabitur da anjeuna tѐh sanѐs Winarya, tapi Sunarya. Anjeuna dipaksa ku bapana (bapa tѐrѐ) pikeun ngagantian lanceukna (lanceuk tѐrѐ) Winarya,  sakola di sakola ieu.
Saentos di bibita, diolo, anjeuna keresa ka sakola. Wengina, tos dalahar,  “Winarya” nepungan Juragan Sunda, Wakil Dirѐktur dianteur ku Yunus. Alhamdulillah anjeuna teu kabitur yѐn anjeuna sanѐs Winarya, Terus Yunus nganteurkeun “Winarya” ka kamarna. “Winarya” sakamar jeung Hari
Beuki lila “Winarya” beuki bisa nyesuaikeun diri ka kaayaan didinya. Geus aya 3 bulanna, cenah Mang Jaril, tukang ngompa cai  peuting-peuting ningali lalaki nu nyorѐn bedog panjang, bari nanyakeun Winarya. Cѐcѐ nyimpulkeun yѐn Winarya tѐh aya cacampuran jeung si bedog panjang, jelema teu bener.
Di hiji peuting,Yunus jeung Cѐcѐ  baradami rѐk lalajo rapat umum, di bioskop Banten-Park. Yunus jeung Cѐcѐ ogѐ ngajak “Winarya”. Pas rѐk indit, ngadak-ngadak  Juragan M nitah Yunus jaga, sabab budakna teu raraos. Tapi aranjeuna anggeur angkat, sakedap ieuh cenah. Karѐk gѐ nepi, katingali rapat tѐh bubar. Ceunah dibubarkeun ku P.I.D. Didinya katingali seueur pulisi. Kusabab rapat teu jadi, maranѐhna baralik deui. Sup katukangeun asrama. Can nepi maranѐhna areureun. Gok Si Bedog Panjang. Beungeutna teu katingali, batrѐna nyorot ka “Winarya”.
“Mana Winarya ?  Eh, geuning ieu mah Sunarya, ati-ati siah” ceuk Si Bedog Panjang.
Lѐos mangkat. Yunus, Cѐcѐ, jeung Sunarya langsung arasup.
Isukna Yunus mikeun poswѐsel titipan Juragan M nu dibikeun kamari basa dibѐrѐ pancѐn jaga tѐa.Eta tѐh poswѐsel ti “Sunarya”,eusina duit jang pakansi jeung surat. Tina suratna kanyahoan Winarya tѐh aya di Lѐmbang, da posna pos Lembang. Ceuk Winarya, Sunarya ulah ka Kuningan, ka Lѐmbang baѐ. Yunus jeung Cѐcѐ gѐ rѐk ngilu pakansi ka ditu.
Di Lѐmbang maranѐhna cicing di imah nini Sunarya. Maranѐhna nyangka  Winarya aya di imah ninina, ari pѐk tѐh eweuh, ninina gѐ teu apaleun saha Winarya. Kabeneran harita aya Mang Murnasim,amang Sunarya.
Isukna Sunarya ngajak barudak salembur keur ngajirѐt Cangѐhgar. Isukna deui barudak marangkat ka leuweung. Sapanjang jalan barudak garogonjakan, aratoh pisan, tapi aya saurang nu cicing waѐ. Dudukuyna dileuleupkeun.Ceunah ѐta tѐh budak kukut Mang Jadil, didieuna gѐ karѐk sakeudeung, ngarana Wawan.Geus nepi jiret langsung dipasangkeun. Maranѐhna meunang cangѐhgar loba, tuluy di beuleum, didalahar. Terus rareureuh, keur kitu katingali Wawan mѐrѐ kode ka Sunarya.Tuluy maranѐhna ngajauh ti barudak nu lain, ngobrol duaan. Cѐcѐ nuturkeun. Kadѐngѐ maranѐhna ngomongkeun Si Bedog Panjang jeung barang titipan bapana. Cѐcѐ ogѐ ningali Mang Murnasim. Tina kajadian ѐta kanyahoan yѐn Wawan tѐh Winarya.
Peutingna Yunus, Cѐcѐ, jeung Sunarya langsung sarѐ. Yunus jeung Cѐcѐ sakamar, ari Sunarya mah di kamar ninina. Rѐk reup katingali Sunarya kaluar bari keketeyeupan. Maranѐhna naluturkeun. Sunarya mangkat ka arah imah Wawan. Ti kajauhan katingali Si Bedog Panjang rѐk ka imah Wawan. Si Bedog Panjang cicing di hareupeun imah Wawan. Katingali Sunarya ngalungkeun cepuk, berebet lumpat teu pupuguh. Si Bedog Panjang mangkat. Gedebut labuh, suku Si Bedog Panjang di tengkas ku Yunus jeung Cѐcѐ. Batrѐ jeung cepukna ngapung, tuluy ditangkeup ku Yunus jeung Sunarya. Tapi Si Bedog Panjang na mah teu beunang.
Cepuk tѐh ayeuna mah dititipkeun ka Yunus, nepi bapana kaluar ti bui, bapana dibui lantaran ngadѐk babaturanna. Asalna cepuk tѐh dititipkeun di Winarya, ulah dibuka cenah. Cepuk tѐh aya nu mikahayang. Ku bapana disebutkeun ѐta cepuk aya di Winarya nu sakola di Sakola Normal Sѐrang. Eta sababna Sunarya dititah ngagantian Winarya sakola di ditu, amѐh ѐta jelema teu papanggih jeung Winarya. Nu mikahayang na tѐh Si Bedog Panjang tѐa.
Isukna Mang Murnasim geus aya di imah nini Sunarya. Man ѐhna mawa tingkem nu eusina oleh-oleh, jang gahѐl- gahѐleun di asrama. Mang Murnasim ogѐ rѐk bareng da aya tagiheun di Karawang cenah. Jadi isukan maranѐhna janjian jeung Mang Murnasim di setatsion. Mang Murnasim ogѐ mapatahan lamun barang berharga kudu disimpen di tempat nu teu disangka. Terus cepuk tѐh diasupkeun kana tingkem, nurut ka papatah emang.
Nepi di Sѐrang Yunus, Cѐcѐ, jeung “WInarya” langsung ka asrama. Di asrama barudak marukaan oleh-oleh pakansi. Kaasup Sunarya, Cѐcѐ, Yunus, jeung Hari. Rupana loba pisan. Pas tingkem di buka, kacida reuwasna Sunarya ningali cepuk eweuh. Ari Yunus mah tenang wѐh. Geus Hari kaluar, Yunus mere nyaho, eusi tingkemna geus dipindahkeun kana kardus nu aya di manѐhna, tuluy ditingalikeun.
Tina kajadian nu enggeus-enggeus, Yunus jeung Cѐcѐ narik kasimpulan yѐn Si Bedog Panjang tѐh Mang Murnasim. Aranjeuna narik ѐta kasimpulan sabab sababaraha alesan. Kahiji, basa ngajiret cangѐhgar Cѐcѐ ningali Mang Murnasim. Kadua, basa di setatsion Sunarya ningali tingkem nu sarua, terus Mang Murnasim turun, Mang Murnasim ogѐ nyahoeun Yunus nyimpen cepuk didinya, bisa waѐ Mang Murnasim nukeurkeun tingkem ѐta kana tingkem nu sarua basa mangmawakeun barang tadi. Pan Si Bedog Panjang tѐh moro-moro cepuk ѐta.
Geus rada lila ti pakansi, “Sunarya” ngirim surat, eusina manѐhna rѐk ka Sѐrang mawa tingkem tѐa. Terus ngirim surat deui, eusina yѐn bapana geus teu aya.Atuh Sunarya sedih da geus teu boga sasaha, tapi Alhamdulillah aya keneh baraya di Kuningan.
Teu lila ti harita “Sunarya” datang ka Sѐrang.Terus aya kabar aya jalma mundar mandir waѐ di sakola.Cѐcѐ jeung Yunus langsung mastikeun ѐta tѐh Si Bedog Panjang. Tuluy Yunus, Cѐcѐ jeung barudak ka tukang, rѐk mergokan Si Bedog Panjang. Geus katingali gidigna Yunus jeung Cѐcѐ langsung nyerang.
“Eh geuning emang ? Hapunten Mang menawi tѐh sanes Emang.. Atuda sumpingna ti dieu.”
“Muhun den, teu sawios. Muhun lepat Emang jolna ti dieu nya ?”
Tuluy Mang Murnasim ka jero, di jamu. Sanggeus ѐta ngobrol jeung Yunus.
“Mang ari Si Bedog Panjang tѐh Emang ?”
“Bedog Panjang ?”
“Eta tѐh sebutan abdi sareng Cѐcѐ ka jalma nu sok nyoren bedog panjang.”
“Muhun, Emang tѐh keur merjuangkeun hak Sunarya tina harta paninggalan indungna nu dibawa ti keur indungna jeung bapa kandungna. Harta ѐta tѐh di bawa ku Ki Sadiman, manѐhna mah jalma teu bener.”

Tuluy Cѐcѐ ngageroan Sunarya jeung Winarya. Geus kumpul,eusi cepuk nu aya di Yunus dibuka, eusina tѐh perhiasan emas nu kacida lobana. Aya buktina yѐn ѐta emas kagungan indung Sunarya, buktina nyaѐta sadaya surat emasna aya di Sunarya. Ceuk Sunarya indungna nitipkeun surat-surat emas ka manѐhna basa aya kѐnѐh. Tuluy sadaya satuju ѐta harta tѐh dibagi nurutkeun hukum islam  tapi saking bageurna. Sunarya, emas ѐta dibagi dua jeung Winarya, padahal nurutkeun hukum, bagean Winarya mah teu sakitueun. Yunus jeung Cѐcѐ gѐ ditawaran, tapi keukeuh embungeun.

Kusabab Winarya teu boga sasaha deui,  Winarya cicing di imah Mang Murnasim. Atuh kacida atoheunna, da Mang Murnasim tѐh teu gaduh budak. Mang Murnasim nganggap Winarya jeung Sunarya siga budakna sorangan.


Penulis :

Kami berupaya memberikan konten yang menarik dan original. Semoga bermanfaat.
Jangan Lupa Komentar yaa :)