MAKALAH
BUDAYA SUMEDANG
“KARINDING”
Kelompok
2
1. Hamdan
Nurachid
2. Hani
mirawati
3. Santi
Nurhayati
4. Sayid
Adha
SEKOLAH MENENGAH KEJURUAN
(SMK) INFORMATIKA SUMEDANG
TAHUN AJARAN 2014/2015
PANGJAJAP
Puji
sinareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat
rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu makalah kanggo
nuntaskeun pancen ti Bapa Guru. Sholawat sinareng salam mugi-mugi salamina
kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka
kulawargina sareng ka sahabatna sareng mudah-mudahan dugi ka urang sadayana. Amin
Yarabal Alamin.
Makalah ieu di judulan ku Budaya Sunda ngeunaan Karinding. Panyajian anu aya dina makalah ieu nyaeta ngeunaan Karinding, anu tujuanna pikeun nyumponan pancen ti Guru Basa Sunda. Tujuan anu séjénna nyaéta pikeun kanyaho urang kana budaya Karinding.
Saleres-leresna makalah ieu pasti wae aya kakiranganna anu teu di sadari ku simkuring saparakanca. Kumargi kitu simkuring saparakanca anu nyusun makalah ieu nyuhunkeun kritikan sareng saran ti Bapa Guru mata pelajaran pikeun nyampurnakeun makalah ieu pikahareupeun.
Tungtung
basa, simkuring saparakanca ngucapkeun hatur nuhun ka Bapa Guru anu parantos ngabimbing simkuring saparakanca
kana nyusunna ieu karya ilmiah. Oge simkuring saparakanca salaku anu nyusun ieu
makalah ngaharepkeun supaya ieu makalah aya manfaatna kanggo urang sadayana.
Sumedang,
28 Maret 2015
Panyusun,
DAFTAR EUSI
PANGJAJAP......................................................................................................................... i
DAFTAR EUSI...................................................................................................................... ii
BAB I BUBUKA.................................................................................................................... 1
A. Kasang Tukang Masalah
B. Rumusan jeung watesan
masalah
C. Tujuan
BAB II PEDARAN................................................................................................................ 2
A. Pengertian Génggong
B. Sajarah Génggong
C. Alat-Alat
BAB III PANUTUP............................................................................................................... 3
A. Kasimpulan
B. Saran
DAFTAR PUSTAKA............................................................................................................ 4
BAB
I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Karinding
kaasup kana salah sahiji kasenian rakyat nu masih kénéh aya di Jawa Barat,
sanajan kaayanana kurang diminati ku para generasi muda kana kasenian
Karinding. Pusat Karinding nyaéta di Parakan Muncang. Di dieu, Karinding sok
dipaénkeun dina acara-acara hajat, saperti hajat lembur, hajat buruan, hajat
caang bulan, atawa ukur hobi. Sosok nu terkenal di masa ieu nyaéta Bah Olot.
Tapi, saur Bah Olot mah Karinding teh tos ramé di Parakan Muncang ti jaman Bah
Entang. Kaluarga Bah Olot ti mimiti buka Parakan Muncang geus terkenal ku
pangrajin alat bambu jeung karinding. Ti Parakan Muncang, kasenian ieu terus
berkembang nepi ka masarakat Gunung Manglayang jeung Ujung Berung.
1.2 Watesan Masalah
a.
Naon Karinding téh?
b.
Sajarah kasenian Karinding kumaha?
c.
Kumaha cara ngabuat Karinding téh?
d.
Kumaha cara ngamaénkeun
Karinding?
1.3 Tujuan
Tujuanna ngal
BAB
II
PEDARAN
Génggong
nyaéta salah sahiji alat musik tradisional nu di jieun tina pelepah daun enau
atawa arén. Sanajan di jieunna tina daun aren, alat musik ieu tiasa
ngahasilkeun irama nu éndah. Proses pembuatan alat musik ieu rada hésé, sabab
kudu merlukeun kaahlian khusus. Alat musik ieu sederhana pisan, sabab bentukna
nu leutik jeung dipainkeunnana ngan ku sababaraha urang.
Kasenian Génggong asalna ti dusun
Pangaroan désa Cipanas dicandak tina hiji ngaran Rawa Génggong atawa Ranca
Génggong lamun nu di tincak bakal ngagoyang. Jenis kasenian ieu mun
diibaratkeun saperti kaleng lamun nu digoyangkeun bakal ngaluarkeun
bunyi-bunyian nu iramana disesuaikeun jeung kreasi para pamaén.
Baheula
di rawa-rawa Génggong loba satwa saperti bangkong, bancét, jsb. Jadi, dina
kasenian ieu aya sababaraha alat nu suarana mirip bangkong jeung bancét.
Ngaran Génggong di cokot tina ngaran
satwa nyaéta jangkrik Génggong nu dianggap ku masyarakat yén jangrik éta téh
leuwih unggul ti jangrik nu lain jeung miboga sora nu alus.
Ku sagala kabaranian warga Karang Taruna TUPAS dijero
nyiptakeun kasenian ieu téh bisa ngawujudkeun salah sahiji kreasi anyar ti Génggong eta. Kasenian ieu sifatna
pikeun hiburan keur rakyat nu bisa dipéntaskeun dina nyambut hari-hari
bersajarah, umpamana Hari 17 Agustus, upacara helaran, jsb.
Alat-alat nu
digunakeun ku pamain, nyaéta:
·
1 Suling
bambu
·
2 tabung
bambu
·
1 sét gendang jeung kulanter
·
2 Kohkol
pangatur nada
·
5 Celempung
·
4 Keprak
·
2 Késrék
·
2 Kokor tina
awi bambu
·
1 sét Angklung Buncis
·
1 sét Dogdog
·
1 sét Genjring (Rebana)
·
1 Gambang
·
6 sapu nyéré
·
4 Juru Beluk
BAB
III
PANUTUP
A.
Kasimpulan
Jadi, kasénian Génggong téh salah sahiji
kasénian ti Sumedang anu kudu dilestarikeun ku masyarakat Sumedang terutama ku
masyarakat sakitarna.
B.
Saran
Simkuring saparakanca nyadar, yén
makalah ieu téh jauh ti kata sampurna. Ku kituna, para pambaca disarankeun
milarian deui referensi nu sanésna kanggo nambah ilmu pengetahuan ngeunaan Seni
Génggong.
Daftar
Pustaka