- Ringkesan Novel
Di
tutugan Gunung Giriawas aya hiji lembur. Lembur leutik sarta nenggang, henteu
gegek ngan opat-lima imah. Boh imah boh pakaranganana bararesih sarta raresik.
Ēta lembur katelahna Kandangwesi. Imah anu sajolan ti jalan, potongan garduh
ngupuk, lain panggung maké kolong saperti nu lian. Anu bogana lain pituin urang
dinya, tapi nu bubuara enggeus lila.
Unggal Juma’ah Kaliwon, najan aya
gawé baku anu perlu ogé bujang nu namina Bangsa mah, teu kudu nyabak pagawéan séjén,
da kapeto kana ngamandian manuk, sabab ngan Ki Bangsa anu tabah kana ngurus
lilinggeran titiran mah.
Aya deui pangabogoh éta jalma
téh, kana kuda. Manéhna bogaeun kuda jalu bulu daragem. Gedoganana henteu jauh
ti imahna, beulah katuhu nyanghareup ngidul. Kacida dipikanyaahna kawantu kuda
satria Pinayungan, béjana mah. Demi nu ngurus éta kuda aya nu ngabaku, nya éta
bujangna budak ngora anu siga kolot, pangawakanana cengkrang, namina Boncél.
Dina
hiji poé pasosoré, sanggeus Si Boncél neundeun sundung, karék pisan datang tas
ngarit, ujug-ujug haok baé dicarékan ku dununganana, sarta teu antaparah…
kerewek ceulina
digoéngkeun
tuluy dikusrukkeun ka jero gedogan,
“Ténjo ku sia naha éta rarapén ngabayak
diantep baé? Naha éta nu nguyumbang teu diberesihan? Ngedul sia, henteu tulatén
kana ingon-ingon! Kumaha lamun éta kuda gering, rék dikumahakeun ku sia? Tara
apik, tara ngagugu kana papatah dunungan!”
“Teu acan baé, Juragan. Kapan
abdi téh nembé dongkap pisan mentas ngarit.”
”Wah, ngalawan sia ka dunungan
téh, kalah ka hakan baé ari gawé goréng. Sia moal dibéré nyatu ku aing.”
Poé éta Boncél henteu meunang
timbel, atuh ngongkrong teu barang dahar nepi ka isuk deui. Diparak jeung
disiksa kitu téh ku dununganana teu sirikna unggal poé. Tapi lain ku lantaran goréng
pagawéan, ieu mah ku sabab bengisna nu jadi dunungan baé, pédah tadina aya pasendatan
jeung bapana, alatan hutang.
Beurang
naker Si Boncél karék indit manggul sundung, rék ngarit ka reuma. Ku lantaran
beuteung kosong tacan kararaban kadaharan, manéhna ngarasa nahnay nanjak ka
pasir téh. Barang datang ka mumunggang, gék diuk handapeun tangkal waru,
reureuh heula. Pikirna ngerik taya hinggana, ras inget kana kamalaratan
kolotna, katambah ari boga dunungan ku teu aya pisan tinimbangan. Tuluy Si
Boncél ngagéléhé kana canir, sirahna diganjel ku leungeunna, ngararasakeun
beuteung rocop. Mimitina mah panonna mencrong baé ka langit, nénjo méga nu
tingarudat bodas. Tapi teu karaseun deui, reup baé manéhna saré. Teuing sabaraha
jam lilana, inget-inget sotéh pédah reuwas katinggangan cihujan patingkareclak
kana tarangna. Kusabab kitu si Boncél ngorejat hudang. Manéhna ngiuhan deui
handapeun waru téa. Tapi ku sabab hujan sakitu ngagebrétna, pakéanana rancucut,
manéhna mucicid tiriseun. Rét nénjo panonpoé geus rék surup, harita geus
reup-reupan. Ras inget kana jukut keur parab kuda, tacan meunang sakeupeul-keupeul
acan, ari awak ngadégdég kabulusan. Bararaal bawaning ku tiris, boraah bisa
ngulangkeun arit. Lamun balik pasti dicarékan ku du ungan teras si Boncel teu
mikir deui arék minggat saparan-paran.
Geus harieum beungeut téh nekér
kénéh baé manéhna nanjak dina jalan satapak. Si Bonél geus teu sieun kunanaon
kusabab hayang buru-buru jauh da inggis bisi aya anu nyusul. Dina perjalanan
ieu Boncél inget ka indung bapana, piceurikeun mani asa ngagarenduk karasana, bawaning
ku nalangsa. Ras kana takdir, mana balangsak kabina-bina teuing.
Saprak dikebon si Boncél
papanggih jeung sagerombolan jalmi anu mawa anjing-anjing. Salah sahiji jalmi
anu ngaranna Ēmang karunyaeun ningali kaayaan si Boncél teras manéhna dicandak
wae ka Pamijahan.
Si
Boncél ngarerebna di paburu Pamijahan téh henteu lila, maksa permisi rék
wangsul ka Kandangwesi, lantaran geus lami teuing ninggalkeun indung bapana,
geus sono pisan. Inditna ti Pamijahan téh ngulon, nyorang leuweung
geledegan, mapay jalan satapak. Tapi ku lantaran teu nyaho jalan, tungtungna
sasab teu nyaho kalér kidul.
Meunang sababaraha poé Si Boncél
turun gunung unggah gunung, baranghakan sapanggihna, babakuna bongborosan. Ari
saré seseringna nyelapkeun manéh dina tatangkalan, sabab di handap mah sieuneun
ku sato galak. Dina hiji poé manéhna anjog ka hiji puncak gunung anu awas ka
mana-mana. Di kajauhan katénjo tingarenclo kawas lembur, béh kalérna marakbak
jiga gedong-gedong. Kaatoh si Boncél taya bandingna, disisi jalan geude manéhna
manggihan warung teras rék meuli kupat ngan teu boga duit, jadi si Bonél
mulungan cangkang kupat teras dilémétan éta cangkang.
Tukang warung barang nénjo aya nu
ngalémétan cangkang kupat jeung pakéanana rubat-rabét, jarijipaneun; tuluy
diusir bari dicarékan,
“Nyingkir ka ditu, ulah
deukeut-deukeut ka dieu, rujit!
Si Boncél indit, ngajrigjrig
leumpang, muntang kana padati anu rék ka Garut. Kacaritakeun si Boncél keur di
Garut pependak sareung Juragan Kapala, kusabab Juragan Kapala ngarasa karunya
ditambih aya kakurangan gundal saurang deui teras waé si Boncél di ajak ka
Cianjur.
Gawéna si Boncel di bumi Juragan
Kapala nyaéta sapertos gawéna di Kandangwesi nyaéta ngarit jeung ngabebeg kuda,
sakapeung mah osok digawé di dapur. Kusabab si Boncél gawéna talatén nya puguh
atuh dipikaasih ku dununganana, sumawonna ku Juragan Istri mah.
Lamun budakna Juragan Kapala nuju
diajar ogé si Boncél mah osok ngupingkeun teras kalilaan mah si Boncél téh
tiasa maca jeung nulis tapi henteu sakola ogé.
Hiji waktu Juragan Kapala sumping
ka istal mariksa kuda, dina sorog Si Radéa aya mérek aksara Sunda unina:
gedogan Si Radéa. Jol deui sumping ka istal Si Pélor, aya deui mérek: gedogan Si
Pélor. Dina manah Juragan Kapala, tangtu putrana nu ngadamel mérek téh, kaciri
aksarana aksara budak. Tuluy putrana disaur.
“Ujang,
beunang Ujang ieu mérek téh? Alus geuning.”
“Sanés,
Ama. Kénging pun Boncél manawi.”
“Na,
bisaeun nulis kitu Si Boncél téh?”
“Tiaseun,
da sok milu diajar ari wengi sareng abdi.”
Ti dinya si Boncél di sauran ku
Juragan kapala teras Boncél di tes nulis, kusabab tulisanna alus isukna Boncél
di ajak ku juragan Kapala ka Kantor. Dina keur répot, Juragan Kapala sok
miwarang ngaguratan serat ka Si Boncél. Mimitina mah ngaguratanana téh sok
emplog-emplogan, tapi lila-lila
mah sanggeus sering diwurukan kumaha metakeun kalam, jadi alus. Malah terusna
mah lain ngaguratan wungkul, jeung nyalin surat deuih. Waktu Juragan Kapala
diangkat kana Patih di dinya, Si Boncél dipundut ku anjeunna, supaya jadi juru
tulis. Lila ti lila tina kauninga kapercékaanana jeung kapinteranana, Asésor
Boncél diangkat jeneng Jaksa di Bogor. Teu mangkuk dua taun jadina Jaksa, Jaksa
Boncél nampi
nugraha Pangagung, diangkat kana Bupati
Caringin.
Ēma
jeung Bapana Boncél boga pirasat yén anakna anu leungit anu geus ditéangan
kamana-mana teu kapanggih anu disangka oge geus maot dibawa ku maung jadi
Bupati di Caringin.
Hiji poé Ēma jeung Bapa Boncél
indit ka Kabupatén padah hayang panggih jeung Boncél. Ēma jeung Bapa Boncél
leumpang mapay jalan satapak, mapay kebon, nanjak gunung turun gunung demi
papanggih jeung budak anu geus lila teu papanggih. Kalilaan Ēma jeung Bapana
Boncél geus nepi di Kabupatén teras waé naroskeun ka Gulang-gulang anu ngajaga.
Awalna mah teu pecaya’eun yén Boncél téh budakna tapi kusabab Ēma jeung Bapa
ngajeulaskeun cirri-cirina jadi Gulang-gulang anu ngajaga laporan ka Boncél.
Papanggihna Boncél jeung kadua
kolotna Boncél malah ngahinakeun kolotna teras ngalakukeun kakasaran ka
indungna, kusabab kitu Ēma jeung Bapa Boncél balik bari jeung rambay cipanon.
Ayeuna
Dalem Boncél sering ngalamun nyalira, teras ngagaduhan panyawat nyaéta
ararateul di sakabeh awakna. Tadina mah dianggap ateul biasa baé, tapi
lila-lila kanyataan taya obat anu matih. Dukun lepus paraji sakti kabéh dikumpulkeun,
tapi jampé jeung ubarna taya nu mental. Malah kasakitna beuki parna.
Lantaran éta kasakit , Dalem
Boncél pohara sangsarana. Calik teu raos, ngadeg ogé teu raos. Pananganana
gégétrét terus. Sakapeung nepi ka lali maké pakéan. Boh beurang boh peuting méh
teu tiasa kulem. Socana baléér beureum jeung ngucur caian baé. Salirana anu
langsip téh beuki langsip baé. Anjeunna teu weléh rumahuh.
“Moal
salah ieu kasakit téh lantaran doraka!”
Kusabab kitu Boncél jeung
rombonganna nyusul ka Kandangwesi nyusul Ēma jeung Bapana, tapi kaayaan tos
bénten Ēma jeung Bapana Boncél atos lami mararaot saentos mulang milarian
anakna anu leungit. Ngadangu béja kitu, Dalem Boncél ngajerit … les kapiuhan. Sanggeus
émut deui, anjeunna lumpat bari gégétrét ngajugjug pajaratan Ma jeung Pa
Boncél, gabrug ngarangkul tutunggul ibu ramana, tuluy nyuuh kana tutunggul
ibuna Ngagukguk nangis kanyenyerian, bari nyambat-nyambat ibu ramana nyuhunkeun
dihapunten. Salira Dalem Boncél ahirna pinuh ku késrék dugi ka pupusna.
- Unsur – Unsur Novel
·
Unsur Instrinsik Novel :
1.
Téma
: Doraka Ka Kolot
2.
Galur/Alur
: Alur Maju (Mérélé)
3.
Amanah
:
- Ulah sok
nyalahkeun batur, can tangtu batur anu salah
- Jadi jalma
ulah sieunan ku Jalma anu gaduh pangkat leuwih luhur
- Kudu bener
dina ngajalankeun paréntah
- Lamun badé
ngalakukeun hiji pagawéan kudu dipikir heula
- Kudu getol
dina ngajalankeun pagawéan
- Jadi jalma
ulah gampang pondok harepan
- Sasami makhluk
gusti Allah kudu saling mantuan
- Jadi jalma
ulah sok kasaran
- Sakumaha
pangkat urang geudé tetep waé urang keudah ngabantuan anu dihandap
- Ngabogaan
pangkat luhur, urang ulah sok jadi jalma anu sombong
- Ulah
mopohokeun kanu jadi Indung jeung Bapa
- Ulah sakali-kali
kasar kanu jadi Indung jeung Bapa
- Ulah nganyeuri
hatékeun Indung jeung Bapa
- Ulah sok
ngagogoréng batur
4.
Palaku
(Tokoh)
a.
Palaku
Utama :
-
Boncél(Océn)
: Daékan, Jujur, Sieunan, Kuatan, Bageur, Geutol, Kejam,
Kasar ka kolot, Sombong
b.
Palaku
Tambahan :
-
Juragan
: Bengis, Galak
-
Indungna
Boncél : Karunyaan, Bageur, Getol
-
Bapana
Boncél : Karunyaan, Bageur, Getol
-
Ēmang
: Bageur
-
Ki
Bangsa : Talatén
-
Paburu
nu pangkolotna : Tukang ngabéjaan nu bener
-
Tukang
Warung : Galak
-
Juragan
Kapala : Bageur
-
Juragan
Istri : Baguer
-
Putra
Juragan : Getol diajar, Tara ngabohong
-
Ki
Sémah : Teu percayaan
-
Gulang-gulang
nu ngajaga : Teu percayaan, Tukang ngahinaan
-
Aliani
5.
Latar
: Kandangwesi, Kandang Kuda, Kebon, Cipatujah, Gunung, Pamijahan, Garut,
Cianjur, Kantor,
Imah Pa Boncél, Kabupatén
6.
Puseur
Sawangan : Catur jalma ka-3, Kusabab pangarang aya diluareun carita para
palaku disebut ngaranna atawa ngagunakeun
kecap sulur
“manéhna”.
7.
Gaya
Basa : Basa Sapopoé
·
Unsur Ekstrinsik Novel :
1.
Pengarang
: Ki Umbara
2.
Penerbit
: PUSTAKA JAYA
3.
Nilai
Moral : Sapertos anu dilakukeun ku Ēmang sareng Juragan Kapala anu
ngabantosan Boncél (Moral Sosial)
- Papasingan Novel
·
Dumasar kanu eusina : Novel Dewasa
·
Dumasar kanu téma jeung masalah anu
dicaritakeun : Novel Sosial
3 komentar
Hatur nuhun pisan, sae analisisna..
Harga novelnya berapa?
terima kasi banyak ya min. artikel ini sangat berguna dan berfungsi bagi orang orang yang belum mengerti seperti saya , teruslah berkarya ya min ^^ semoga anda sukses dan sehat selalu ya min
jangan lupa juga kunjungi website saya di :
bandarq terpercaya
terima kasih salam hormat