Conto Pakeman Basa Sunda



Paribasa

1.    Ulah kuméok méméh dipacok
Hartina: ulah waka nyebut teu sanggup saacan dicobaan

2.    Kudu nepi méméh indit
Hartina: kudu direncana keun kalawan asak

3.    Umur gagaduhan banda sasampingan
Hartina: umur jeung harta banda hakékatna milik Allah SWT

4.    Mangkok emas eusi madu
Hartina: jelema anu omongna, lampahna, nepi ka haténa hadé

5.    Awéwé dulang titandé
Hartina: istri mah kudu nurut ka salaki

Babasan

1.    Amis budi
Hartina téh nyaéta jalma anu hadé budi. Teu weléh seuri ka batur.

2.     Gedé hulu
Hartina téh nyaéta sombong atawa adigung.

3.    Laér gado
Hartina resep ménta ka batur.
4.    Hampang birit
Hartina babari dititah, henteu kedul.

5.    Buntut kasiran
Hartina téh pedit, korét

Uga

1.    Jaga mah pasaran ge ngapung buktina harga barang di pasar marahal

2.    Pulo Jawa bakal dibengker ku beusi.

3.    Pulo Jawa bakal kaereh ku kulit kuning lilana saumur jagong.

4.    Sunda nanjung lamun pulung turun ti Galunggung (Urang Sunda bakal jaya lamun pulung turun ti Galunggung).

5.    Jaga mah endog ogé ngagorolong sorangan bukti na aya kandaraan.


Cacandran

1.    Bandung heurin ku tangtung
2.    Sukapura ngadaun ngora.
3.    Sumedang ngarangrangan
4.    Sukabumi tinggal resmi
5.    Garut jadi pengirutan

Pamali

1.    Ulah saré sareupna bisi linglung
2.    Ulah dahar bari saré matak kabesékan
3.    Ulah diuk di lawang panto matak nongtot jodoh
4.    Ulah miceun sangu matak ceurik sanguna
5.    Ulah ngadugulkeun hulu matak bodo

Kila-kila

1.    Manuk gagak di sada : arék aya nu maot
2.    Lamun aya hayam jago tingkorongok tipeuting tandana aya mahluk halus atawa jurig
3.    Ngimpim meunang lauk : tanda arek meunang Rezeki
4.    Ceuli ngahiung : aya nu ngomongkeun alus/goreng
5.    Gelas peupeus : aya kacilakaan (kaluarga)






Penulis :

Kami berupaya memberikan konten yang menarik dan original. Semoga bermanfaat.
Jangan Lupa Komentar yaa :)